Geus ampir sasasih nu kalarung, cép Ramdlan Nurrohman masihan kadeudeuh ka kuring ku buku anu judulna: MANAJEMEN USIA DI ATAS 40 TAHUN.
Sapada harita, kuring spontan ngaréspon yén ieu buku téh PERLU DIBACA ku sakabéh jalma nu bakal nganjang ka Akhérat.
Tuluy kuring neuleuman eusi buku nu kandelna 274 halaman. Alus cover bukuna, matak katarik pikeun maca leuwih jero. Desain eusina ogé matak betah anu maca, komo jang kuring nu umuran mah.
Matak jauh panineungan ka negeri akherat. Gening maot mah teu apal di mangsa jeung dimana. Sakebéh makhluk teu disésakeun hiji-hiji acan bakal keuna ku panggero Alloh. Tah, bakal kamana lumpat mun geus nyanghareup kana MAHKAMAH AKHERAT? Saha nu bakal nulungan?
Sabagéan jalma, rajeun birat mun geus ngobrolkeun maot téh, da ngarasa acan siap. Ngan dalah dikumaha ogé moal bisa ditawar deui. Ari dititah balik mah, wayahna kudu ngilu kana aturan nu ngahirupkeun jelema jeung sakabéh makhluk.
Lir ibarat soldadu tempur, anu kudu siap iraha waé ogé mun datang komando pikeun perang. Teu meunang aya basa can siap. Kudu siap...
Maot téh jalan nu éndah pikeun jalma nu taqwa mah. Ibaratna urang dibéré istirahat tina sagala perjuangan anu sakitu nanjakna. Maha Rahim gusti tina éta kanikmatan....
Sumangga, ka sadaya wargi... teuleuman jeung baca ieu buku nu ceuk kuring mah KUDU DIBACA. Aya rahasia di satukangeun rahasia ilahi. Sadayana dipedar dina ieu buku. Sok, hubungi cép Ramdlan.
(tina FB https://www.facebook.com/prof.mohamad.surya/photos/a.269920769715697/2404215052952914/?type=3&theater